jug,geura nyiar indung
numantak moal kaduhung
tutulis moal panggih jeung nu surti
tatapak moal panggih jeung pangeran
lamun teu muja ka indung jeung bapa.
da,ngaing moal nyoraan komo jeung harewos
boroning nyalukan.
lain ngaing rek menta mulang tarima
ka nyaah,ka deudeuh aniking.
ngaing mah duaan ti ka anggangan
numantak maraneh sing eling jeung waspada
ngaing bakal ngadeheusan anaking,tapi kanu
ceurik dina lisung,kanu macul bari menta.
ngaraku mah anaking..kabeh ge,
jol..datang dengeun di araku di mumule.
nu lain di enya-enya, nu enya dilain-lain.
nalungtak di jero imah,budak sing koceak
dipepenta di gusti-gusti
sangkan kapanggih jeung nu boga hirup
lain deui lain deui, da bongan nu jadi lantaran
batu hideung di pi gusti.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar